May 12, 2010

SMAN 1 BANJASARI, LEBAK : Maluruh Faktor Kalulusan UN

Sambungan...

2. Faktor Extern (nu aya diluareun sakola)

Salian disabab keun ku faktor di jero sabudereun sakola, sakumaha nu disebut diluhur oge disababkeun ku faktor nu aya diluar, dintarana nyaeta :

a. Peraturan/Kabijakan

Geus jadi rahasia umum di nagara urang, mun ganti pamingpin kadang sok ganti kebijakan atawa aturan dina masalah pendidikan, ku ayana kitu saeutik-loba mangarhuan kana ngaheuyeuk (mengelola)pendidikan .

Parubahan kurikulum, parubahan orientasi, parubahan teknis jeung waktu penilaian/evaluasi atawa parubahan aturan adiminstrasi, parubahan politik anggaran tur kabijakan naha pusat atawa daerah. Nu disebut tadi saeutik loba mangaruhan kana konistensi sistem atawa ka-istokomahan pengeloaan sakola.

Kusabab, institusi sakola eta dilain pihak kudu istiqomah kana sagala arah atawa program kabijkan sakola tapi dilain pihak oge kudu saluyu jeung peraturan atawa kebijakan nu lumaku.

Kitu deui kabijakan anggaran atawa kauangan ti pamarentah mangaruhan kana kalancaran kagiatan sakola. Di lain pihak pamarentah ngabogaan visi ngamajukeun pendidikan, tapi di lain pihak pamarentah can cukup anggaran dina ngabiayaan sakabeh kaperluan sakola, anggaran kudu dibagi-bagi kusabab teu sesuai antara kabutuhan jeung anggaran nu aya.

b. Lingkungan Kaluarga

Emang na lingkungan kaluarga bisa mangaruhan kana tingkat kaberhasilan ujian nasional atawa pendidikan siswa ?

Aya ungkapan bahasa Indonesia nu rada patali jeung kondisi ieu: “Rumahku adalah sorgaku”, naon hartina ? hartina nyaeta lingkungan kaluarga nu hade lahir bathin na mangrupakeun hiji modal pikeun siswa ngabogaan dorongan belajar. Teu kudu disebutkeun di dieu kaluarga kumaha nu hade kondisi lahirna atawa nu hade kondisi bathina, kusabab yakin sakabeh urang faham.

Sabalikna mun “Rumahku Nerakaku”, siswa atawa budak sakola boro raah hayang belajar atawa muka buku palajaran atawa mun ceuk isitilah kolot mah ngapalkeun, nu aya mah kabur atawa ngablun alias nongkrong bae teu betah di imah antukna pangulinan atawa tempat bergaul dijadikeun tempat yang nyaman bagi dirinya.

c. Lingkungan Pergaulan jeung Masyarakat

Masyarakat nu hade diwangun ku kaluarga nu hade, numantak satiap kaluarga nu aya dimasyakat kudu ngabogaan tanggung jawab dina ngadidik anak-anak na.

Anak atawa generasi muda ulah diantepkeun boh dina pergaulana boh dina pendidikan na.

Zaman ayeuna zaman nu semakin beurat loba pisan godaan nu bakal ngaganggu kana perkembangan budak, gogodan ti luar negeri geus pindah ka jero negeri, ti kota geus pindah ka lembur, ti luar imah geus pindah ka jero imah, ti jero imah geus pindah kana meja, tina meja ayeuna mah geus pindah kana dampal leugeun... godaan deukeut jeung deuekeut...

Baheula mah mun budak rek balajar sakola atawa ngaji kadang kagoda ku radio nu ngan ukur kadenge sorana, ayeuna mah leuwih kagoda deui kusabab lain ngan ukur kadenge sawarana tapi oge katembong gambarna.

Baheula mah hoream balajar sakola hoream balajar ngaji kulantaran poek can aya listrik teu semangat, ayeuna geus aya listrik hoream balajar hoream ngaji ku ayana loba tongtonan, dina ngontona oge budak mah teu bisa milih mana nu ngan ukur tongtonan mana nu bisa jadi tungtunan.

Baheula mah balajar kelompok atawa babarengan ngeusi pe-er, sarengsena balajar paling di hibur ku ngaliwet, rengse dahar seuebeuh beuteung balik ka imah ngbantuan kolot di imah. Ayeuna mah balajarna mah teu sapira nongton game, nonton video CD atawa chating di warnet na leuwih lila tibatan balajarna. Terus balik ka imah, kolot di imah perlu bantuan ngan hanjakal teu bisa ngaliwet-ngaliwet acan.

Loba budak ayeuna teu sedih mun teu kabeuli buku palajaran sakola, teu sedih mun katinggaleun pelajaran. Tapi baris sedih ceurik sajanari midangdam sabuka siang gengsi saluhur langit mun wayah kieu teu boga hape.

Teu bisa ka warnet ayeuna mah geus bisa dina leueungeun make hape, kiwari geus zaman ICT (Information, communication & technology) sanajan aya mangfaatna teu sauetik loba mudharatna. Numantak nu bagusna mah kudu selektif bisa milah-milah mana waktuna gaul mana waktuna balajar, lain ieu mah gaul ok belajar no.

3. Kasimpulan

Sakumaha nu geus di uraikeun di luhur, faktor nu jadi sabab masih keneh teu sesuai jeung target na tingkat kalulusan di almamater urang teu berdiri sendiri. Hartina aya sababarah sabab nu kudu dijadikuen perhatian ku sakabeh pihak, nyaeta :

* Jumlah tenaga pendidik kudu cukup antara kenyataan nu aya jeung jumlah nu diperlukeun, tujuan na supaya efisien tanaga jeung sumber daya.

* Salian ti cukup jumlahna oge kudu sasuai antara kamampuan na jeung lapangan tugasna, tujuan na supaya efektif balajarna.

* Nu ngajar cukup jumlahna jeung bisa ngajarna kudu di dukung ku siswa nu serius, rajin boga motivasi balajarna

* Kudu aya leadership nu bisa ngadegkeun visi manajemen sakola kalayan komitmet kuat tur bisa ngawangun komunikasi tilu arah antara sakola – keluarga – pamarentah.

* Kudu aya samacam “revolusi” budaya atawa pemahaman orangtua murid jeung masyarakat yen anak eta kudu salian ti balajar di sakola oge kudu di didik di imah jeung di masyarakat, kudu di dorong jeung di bere semangat.

* Kudu aya kaseriusan pamarentah dina mere dukungan kabijakan jeung anggaran sangkan satiap program sakola luyu jeung kahayang sakabeh pihak

4. Pamikiran Kahareup

Ngawangun komunikasi antara sakola – kaluarga – pamarentah perlu di adegkeun sangkan kahareupnakeun sakola bisa nga-munculkeun bibit-bibit anyar (calon pendidik) sangkan kakurangan guru bisa diatasi, program kitu kudu dijalankeun sacara konsisten.

Sakola kudu bisa nga-inventarisir siswa-siswi nu berbakat terus ngawangun komunikasi jeung para orangtua murid dina “ngajadikeun” eta siswa.

Sakola kudu ngawangun komunikasi, proaktif jeung bisa ngayakinkeun pamarentah atawa pihak-pihak lain ku ayana bakat-bakat yang terpendam “pada bibit-bibit baru”, sahingga pamarentah atawa pihak lain bisa nyalurkeun beasiswa na geusan ngadukung kaperluan biaya “bibit-bibit baru” tadi sangkan boga elmu atawa kamampuan nu dina waktu kahareup bisa di abdikeun di almamater.

-o0o-

*) Alumni Tahun 1996 (Wali Kelas Bpk. Drs Kusnadi, Kepala Sekolah Bpk. Drs. Juskardi). Berasal dari Kp. Tapos, Desa Leuwi Ipuh, Kec. Banjarsari, Lebak.

SMAN 1 BANJASARI, LEBAK : Maluruh Faktor Kalulusan UN

SMAN 1 BANJASARI, LEBAK : Maluruh Faktor Kalulusan UN

Di tulis Ku: H. Rustandi, S.IP *)



PANGJAJAP

Urang asumsikeun jumlah murid kelas 3 SMAN 1 Banjarsari, Lebak. Kelas IPA 45 siswa terus kelas IPS 45 siswa berarti total siswa = 90 siswa. Cenah nu lulus kirang-langkung aya 80 siswa, berarti diasumsikan tingkat kalulusan na 88.88 %. Hartina masih keneh dihandap mun ditilik tina target kalulusan nu tos dicanangkeun ku Pamerentah dina UN tahun ieu nyaeta 95 %.

Asumsi total siswa SMAN 1 Banjarsari 90 siswa, maka sangkan sasuai jeung target kalulusan sakuduna nu lulus paling saeutik 86 siswa.... kurang 6 urang doank euy... ! he...he.. lain perkara babari ngolah jalma genep, sabab masalahna lain ngan ukur "6", tapi tingkat kalulusan nu masih keneh sahandapeun target.....hartina nu teu lulus masih keneh loba.

Mun ditingali tina persentase kabupaten, tina 870 siswa nu kudu ngulang UN di kabupaten Lebak (“Radar Banten”), asumsi ti SMAN 1 Banjarsari ngan ukur 10 siswa hartina tina 870 siswa nu kudu ngulang di kabupaten Lebak 1,15 % na ti almamater urang.

FAKTOR-FAKTOR NU MANGARUHAN KALULUSAN

Dina waktu ayeuna lulus UN mangrupakeun ukuran anu paling babari dina nangtukeun berkwalitas jeung heteuna lulusan kusabab parameter quantitatif tea, sanajan masih keneh perlu dibahas ngenaan harti pendidikan nu sabenerna lain bae minterkeun dina intelettual tapi oge ngadidik emotional jeung spiritual.

Dumasar kana kaayaan nu kaalaman ayeuna rehna siswa-siswa SMAN 1 Banjarsari angkatan ayeuna (nyak adi-adi kelas urang), dina UN kamari (Mei 2010) masih keneh aya nu teu lulus atawa kudu ngulang-leupas tina sifat ngulangna naha hiji mata pelajaran, dua mata palajaran atawa malah kabeh mata palajaran nu di UN-keun -

Sanajan urang lain pangurus sakola , tapi salaku para alumni urang ngarasa kadorong icikibung sanajan ngan ukur ngobrolkuen atawa gunem catur jeung babaturan, tapi minimal urang ngarasa peduli atawa milu mikiran ku ayana target kelulusan na masih keneh kurang tinu diharepkeun.

Tulisan ieu aya dina konteks nu disebut diluhur nyaeta “milu mikiran”, tangtuna ge sarua jeung dulur-dulur nu lain para alumni kabeh. Cara mikiran na minimal bertanya dalam hati: “naon faktor-faktorna atawa nu jadi sabab masih keneh aya siswa/siswi nu teu lulus ?”, sadalah topik eta rame dijadikuen bahan obrolan dina FB Group Alumni SMAN 1 Banjarsari

Hayu dulur-dulur sabatur sa alumni urang titenan ! Naon bae nu jadi sabab kondisi kitu, kusabab UN ayeuna geus jadi “mahluq pikasieuneun” keur jalma-jalma kabeh. Loba murid nu stress mun rek nyahareupan UN, aya guru atawa murid nu pingsan saba'da ningali hasil UN.


Dumasar kana handapna elmu leutikna pangarti, al-faqir boga pandangan (leupas tina temuan ilmiah mun aya nu tos ngagem, mangga di punut ku nu gaduh sareng tumut kana hak jawab tinu berkompeten pami ieu pandangan lepat).

Ari pandangan al-faqir, nu jadi sabab kurang bagusna hasil UN di sakola urang nyaeta teu leupas tina 2 (dua) perkara nu aya di lingkungan jero sakola (intern) jeung nu aya di llingkungan luar sakola (ekstern)


1. Faktor Intern (nu aya di lingkungan jero sakola)

Ari nu aya disabudereun sakola, nu mangaruhan na nyaeta :

a Kuantitas/Kwalitas Sumberdaya Pendidik

Sakola eta mangrupakeun hiji bangunan organisasi dimana dijerona perlu aya sinergi antara sistem jeung SDM. Sistem utama dina sakolaan nyaeta belajar-mengajar, hartina antara nu ngajar jeung nu diajar kudu ngabogaan persepsi nu sarua dina ngawangun visi. Syaratna berhasil visi kudu aya prinsip : nu ngajar kudu bisa ngajarna, nu diajar kudu serius balajarna. Ungkapan eta lain mangrupakeun ponis atawa tuduhan teu bisa ngajar tapi kakaduan na.

Masalah nu muncul ayeuna, masih keneh aya kecenderungan tanaga pendidik eta sa-ayana jeung naon ayana. Hartina prinsip the right man on the right place na can berjalan, lain teu disadari eta kayaan tapi tangtuna ge disadari sapinuhna. Kaayaan kitu bisa tembong kusabab memang dina kanyataan na tenaga pendidik nu bisa minuhan prinsip nu disebut tadi masih kurang, ceuk bahasa resmina mah tingkat sebaran guru yang memenuhi standar masih kurang, ari standar minimal nu ideal na nyaeta guru lulusan "x" ngajar mata pelajaran "x" ulah sabalikna. Atawa bahasa nu gampangna mah kakurangan guru.

Tapi kondisi sabalikna teu mustahil terjadi lamun memang kondisina serba kurang hartina ngagunakeun nu aya bae (naon ayana) jadina dina efektifitas ngajarna oge sa ayana.

Di lain pihak mata pelajaran anu sasuai kurikulum jumlahna loba, ari sumberdaya pendidik (para guru) nu bisa nekel kana eta mata pelajaran secara utuh tur pinunjul kurang. Hartina di dieu sakolaan urang ngalaman dilema antara tuntutan jeung kanyataan teu sesuai. Kuayana kitu urang sabenerna kudu bisa menyikapi sacara bijak jeung dewasa, hartina kondisi eta lain ngan ukur tanggung jawab nu hueyeuk sakola tapi oge tanggung jawab pamarentah jeung masyarakat.

b. Manajemen

Salian ti system belajar mengajar, masih berkaitan jeung sumber daya pendidik nyaeta pola manajerial organisasi sakolaan oge berpengaruh. Dimana nu paling mere pengaruh dina tata-kelola manajemen sakolaan nyaeta kapamingpinan (leadership), satiap pamingpin sakolaan kudu bisa nga-manage organisasi sakolaan sahade-hadena.

Dina konteks SMAN 1 Banjarsari, Lebak pola manajerial anu di angkat ku manajemen sakolaan bisa di tingali tina visi jeung misi sakola. Dimana mun ku urang di titenan, sakolaan urang eta ayeuna masih keneh dalam pembenahan “corporate culture”. Budaya manajemen na masih transisi, tina otoriterianisme kana demokratisasi tina amatiran kana profesionalisme. Hartina focus manajemen di titik beratkeun kana nyiptakeun suasana demokratis jeung profesional dina ngaheyeuk (mengelola) organisasi. (http://www.sman1banjarsari.sch.id/)

Mun ningali tina konteks eta, nu jadi pertanyaan ayeuna naha eta visi ayeuna parantos kahontal atanapi teuacan ? upami tos kahontal -dina hartos tos kacipta demokratisasi sareng tos di dukung ku tindak-tanduk professional- maka dina waktu ayeuna tinggal neraskeun visi nu tos kahontal eta (demokatis jeung profesional) kana visi nu notabene jadi output pokok sakolaan nyaeta berhasil menciptakan para lulusan nu berkwalitas.

Mun di analogikeun kana bahasa perencanaan strategijik dina konteks manajemen organisasi sakolaan. SMAN 1 Banjarsari, Lebak eta sakuduna bisa nangtukeun rencana jangka pendek, rencana jangka menengah jeung rencana jangka panjang.

Urang umpamakeun rencana strategik SMAN 1 Banjarsari kieu :

Rencana Jangka Pendek: Ngadegkeun bangunan sakola jeung sakabeh pasilitas penunjangna.

Rencana Jangka Menengah: Ngadegkeun manajemen sakola nu transparan, demokratis jeung professional

Rencanan Jangka Panjang : Nyipatekun lulusan nu berkwalitas tur didasaran ku iman kalayan taqwa jeung ahlaq mulia

Tina conto perencanaan strategic nu disebut diluhur eta, ayeuna urang umpamakeun bae perencanaan jangka pendek tos kahontal. Berarti ayeuna urang titenan kana perencanaan jangka menengah nyaeta manajemen sakola nu transparan, demokratis jeung professional.

Point nu kadua ieu ayuna dijadiken sabagai visi sakola SMAN 1 Banjarsari, duka teuing ti iraha eta visi teh di bangun. Nu jelas, visi nu tos aya eta kudu ngabogaan parameter atawa target waktu anu jelas hartina kudu di evaluasi.

Fungsina evaluasi eta sangkan bisa ngalanjutukeun kana perencanaan atawa visi nu katilu nyaeta : nyiptakeun lulusan nu berkwalitas kalayan didasaran Im-Taq jeung ahlaq mulia.

Nu jadi pertanyaan ayeuna, dina lebah mana focus manajemen sakola ngadegkeun visina ? naha dina tahap kadua keneh atawa tos nincak kana tahap katilu. Pami focus ayeuna masih keneh dina tahap kadua maka eta berarti aya keneh nu kudu di benerkeun, maka moal aneh lamun kwalitas lulusan na teu sesuai harepan akibat tina fokus manajemen kana eta visi, maka di ibaratkeun energy nu aya kakuras, naon sababna ? Sababna nyiptakeun transparansi, demokratisasi jeung professionalitas eta kudu aya konsolidasi, delegasi, alokasi jeung kudu aya komitment nu kuat.

Sabalikna pami ayeuna to nincak kana visi nu katilu maka eta nu dipiharep hartina ayeuna manajemen tos teu aya deui pe-er dina nu sanes. Upamina bae wangunan sakola tos representatif sareng sagala panunjangna ti mimiti laboratorium kumplit dugi ka jamban, teras sumber daya pendidik tos equal antara qualify vs job (minimal sadaya mata pelajaran guruna tos siap-sadia masagi saluyu sareng ageman background atawa sakurang-kurangna masih paralel).

Mun tos kitu ayeuna kantun ngolah visi nu katilu eta kalayan nangtukeun sasaran jeung program-program. Satiap tanaga pendidik di dorong, diarahkeun, di berdayakeun sacara proporsional terus satiap siswa dirangkul dimotivasi ku cara ngawangun komunikasi antara sakolah-murid-orangtua.


b. Kasumangetan Siswa/siswi (ulah kedul)

Sanajan nu ngajarna aya jeung memenuhi standar ditambah deui semangat dina ngajar, tapi lamun nu di ajarna kedul mah angger bae visi keberhasilan pendidikan moal kahontal. Hartina siswa eta kudu ngabogaan motivasi jeung semangat belajar, dorongan hayang belajar jeung hayang maju eta kudu muncul tina jero diri sorangan, kudu boga kayakinan mun urang tani makal ngarasanan panen, rek panen naon lamun teu melak… ?

Nu jadi pertanyaan ayeuna, kunaon sababna barudak sakola ayeuna kedul kana balajar atawa teu boga semangat ? pertanyaan ieu jawaban na aya patula-patali jeung faktor ekstern anu baris dipedarkeun dihandap.

d. Sarana jeung Prasarana

Salian ti sumber daya pendidik, manajemen sakola jeung mental siswa, nu bisa jadi sabab lain nyaeta sarana-prasarana nu masih keneh kurang.

Ideal na sakola eta utamana mah tingkat SMA kudu ngabogaan sarana jeung perlengkapan standar. Sahenteuna ngabogaan laboratorium nu leuwih ti cukup pikeun prakten naon-naon nu geus di teorikeun, naha eta laboratorium IPA, laboratorium Komputer termasuk laboratorium non eksak saperti laboratorium Bahasa atawa laboratorium Konferensi (tata cara praktek sidang)

Nu jadi pertanyaan ayeuna, naha eta perlengkapan samodel kitu geus aya atawa teuacan ? Mun tea mah geus aya alhamdulillah. Mun tea mah geus aya naha eta perlengkapan bisa diberdayakeun atawa dimangfaatkeun sahumaha kuduna, ieu balik deui ka sumber daya nu aya. Sanajan satiap laboratorium lengkap ge eta mah ngan ukur intsrumen tetep bae ngabutuhkeun sumber daya nu sasuai.

Kuayana kitu, sakali deui urang kudu menyadari rehna geusan ngahontal kaberhasilan institusi pendidikan saperti sakola urang eta (SMAN 1 Banjarari) perlu di dukung ku berbagai komponen utamana mah pamarentah tina pembiayaan pasilitas publik terus masyarakat nu kudu terus ngadorong putra-putrina sangkan getol belajar saluyu jeung nu dipaharep ku sadayana.


1 tina 2

Nyambung...